Kikim Maulana Hakim Sukses Mulia Bahagia sentosa sepanjang masa yang menghantarkan diri kita kejalan Takwa, Iman Islam Ikhsan, Pengetahuan adalah kekuatan,Berbicara lebih sulit dari pada menulis, Ilmu itu cahaya, Tidak setiap yang mengkilat itu emas, Ilmu itu ibarat pancing dan tulisannya adalah ibarat talinya, Berbuat Lebih baik dari pada Berbicara

Minggu, 25 April 2010


sadaya jalmi pasti aya anu gaduh idola anu janteun panutanna.
sami, abdi oge gaduh idola anu teuaya tarana yakni;
Gusti urang sarerea, kanjeung Nabi Anu mulya Muhammad Salallahu A'laihi Wassalam jeunengan nana.
dupi ramana gusti nyaeta Abdullah sareng ibuna Siti Aminah
dupi dibabarkeunna di Mekah wengi Senen tahun Gajah
Robiul Alaw bulanna tanggal ka dua belasna
tahun 571 masehina bulan April tanggal ka dua puluhn

waktos dibabarkeunna oge sanes saperdos urang anu lian.
dupi kanjeung Nabi mah teu aya kokotor malah atos disepitan sareng timbul cahaya anu meni ngempurpisan, sahingga di bumina hurung mancur. bulu socana lir kengeng nyipatan serta harum sesengitan.
tv seeur ka anehan bakda dibabarkeunnana kanjeung Nabi, seperti nudiantawisna sesembahan bangsa setan anu pada hancur sareung anu sanesna.
kacaturkeun nuju nabi dua bulan sateu acan di boborkeun nabi tos di kantun ku ramana "yatim"
nincak Nabi yuswa lima bulan tos tiasa angat angkatan
dupi yuswa salapan bulan tos tiasa capetang sasauran
sareung waktos yuswa sapuluh bulan tos tiasa ameng papanahan anu ngelehkeun budak nulian tapi Nabi SAW tara magungan. kusabab Nabi pinter, gede kawani, sabar sareung nyaah ka sasama.
ari Nabi nincak yuswa opat tahun nabi di bersihan manahna anu pertama kali dibelek dadana ku malaikat jibril sareung mikail. anu maksud bade ngisikeun ilmu hikmah anu sapinuhna.tuluy malaikat nutupkeun dei kana eta dada Nabi serta teu ngaraos nyeri karna dihapus ku jataminnabi.
harita nabi nuju aya di lembur ibu inangna yakni Halimah jenengan nana anu nami lemburnateh syakdiyah. waktos Nabi yuswa lima tahun tos ditinggal pupus ibuna "Piatu", teras Nabi dirawat ku eyangna Abdul Mutholib asmana. teu kantos lami nuju waktos Nabi yuswa dalapan tahun eyangna dipunut ku Gusti. sabakda wafat eyangna, Nabi teras dirawat ku uwana Abi Tholib kakasihna. Nabi salami sareung uwana sering diajak barang dagang ka negri Syam.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar